.
Kali ini kami bagikan Referensi untuk Soal Ujian PAT/ UKK/ UAS Genap Bahasa Sunda Kelas X Tahun 2019 atau Tahun Pelajaran 2018/2019 dalam format PFD yang bisa di dapatkan secara Gratis.
Antara Asih jeung Adil
Hiji mangsa sabada ngudag-ngudag uncal dileuweung, Arjuna, Nakula, jeung Sadéwa,
bawaning ku halabhab, ngarinum di situ. Geus ngarinum patinggolépak maraot. Singhoréng cai
talaga téh ngandung racun. Yudistira pohara susaheunana. Manéhna tuluy sasambat ka déwa,
hayang maot babarengan.
Ceuk déwa, lamun bisa ngajawab tilu pertanyaan, Yudistira bariskaidinan ménta
dihirupkeun deui salah sahiji ti antara tilu urang dulurna nu tiluan. Pertanyaan téa, tiluanana gé
kajawab ku Yudistira. Manéhna kaiidinan ménta dihirupkeun deui saurang ti antara tilu dulurna
nu maraot.
Yudistira pohara bingungeunana. Lila manéhna nimbang-nimbang, saha kira-kirana di
antara tilu dulurna nu maraot nu kudu dihirupkeun deui. Da puguh kabéhanana ogé adi-adina anu
dipikaasih. Kahayang mah kabéh dihirupkeun. Tapi Dewa ngan méré kasempetan hiji baé ti
antara Arjuna, Nakula, jeung Sadéwa.
Sanggeus lila nimbang-nimbang, Yudistira ahirna ménta Nakula nu dihirupkeun deui téh.
Déwa pohara héraneunana. Naha bet henteu Arjuna anu ku Yudistira pangdipikaasihna jeung anu
disiapkeun pikeun neruskeun kaprabon. Arjuna téh apan pangéran dipati.
Walon Yudistira, “Lamun Arjuna anu hirup deui, atuh para putra Ibu Kunti harirup kabéh. Ari putra Ibu Madrim paraéh kabéh. éta henteu adil. Lamun Ibu Madri terangeun kana éta kateuadilan tada teuing kanyenyerianana. Tapi lamun Nakula anu hirup deui, jadi Ibu Kunti jeung Ibu Madri pada kapapaténan ku anakna hiji séwang. éta adil. Ka Arjuna lain henteu nyaah, tapi kanyaah téh henteu kaci ngalindih kaadilan.” Déwa pohara panujueunana kana timbangan Yudistira anu sakitu adilna. Pikeun ganjaranana, dulurna anu tiluan dihirupkeun deui.
1. Mun ditilik tina carita jeung tokoh-tokohna, carita di luhur ka asup kana ....
a. Dongéng
b. Carpon
c. Babad
d. Carita Wayang
e. Novél
2. Diantara Yudistira, Bima, Arjuna, Nakula jeung Sadéwa, saha anu pang gedéna?
a. Nakula
b. Yudistira
c. Arjuna
d. Sadéwa
e. Bima
3. Saha indungna Nakula jeung sadéwa téh?
a. Kunti
b. Madrim
c. Gangga
d. Gandari
e. Srikandi
4. Saha anu dipilih ku Yudistira pikeun dihirupkeun deui ku Déwa téh?
a. Arjuna
b. Sadéwa
c. Kabeh di pilih
d. Nakula
e. Bima
5. Dina carita Wayang Mahabarata aya kajadian perang anatara Kurawa jeung Pandawa, perang éta di sebut perang....
a. Perang Bantar Yuda
b. Perang Baratayuda
c. Perang Pamuk
d. Perang Barata
e. Perang Setra
18. Kajadian perang anatara Kurawa jeung Pandawa nyaéta di....
a. Tegal Kurusetra
b. Tegal Barata
c. Tegal Baratayuda
d. Tegal Aléngka
e. Tegal Yudistira
6. Nu jadi tokoh protagonis dina carita wayang Ramayana nyaéta.....
a. Rama jeung Sinta
b. Kumbakarna jeung Rahwana
c. Rahwana
d. Rahwana Jeung Sinta
e. Wibisana jeung rahwana
7. Tempat kajadian perang antara pasukan Rama jeung Rahwana nyaéta di....
a. Tegal Kurusétra
b. Kerajaan Ayodya
c. Kerajaan Ramayana
d. Kerajaan Aléngka
e. Leuweung Dandaka
Néléngnéngkung asih indung
nu ngayuga beurang peuting
beurang dijaga kamelang
peuting dijaring kaéling
muga manjang dina beurang
muga éling dina peuting
8. Mun nilik pola padana, engangna, jeung sora tungtung baris-baris panungtungna, éta guguritan téh dikarang maké pola pupuh naon?
a. Kinanti
b. Sinom
c. Maskumambang
d. Asmarandana
e. Balakbak
9. Pupuh Sinom ngabogaan pola pada, engang, jeung sora padalisan-padalisan panungtungna, nyaéta....
a. 8i, 8a, 8é/o, 8a, 7a, 8u, 8a
b. 8a, 8i, 8a, 8i, 7i, 8u, 7a, 8i, 12a
c. 8a, 11i, 8u, 7a, 12u, 8a, 8i
d. 12u, 6a, 8i/o,12a
e. 12u, 8i, 8u, 8i, 8o
10. Watek pupuh Asmarandana nyaéta.....
a. Nganti-nganti
b. Banyol, Heureuy
c. Kasmaran, Silihasih
d. Agung, Agem
e. Senang, Gumbira
aya lumut dina batu,
aya kuya di muara.
Kedah tumut kana waktu,
di dunya urang ngumbara
11. Mun ditilik tina wangunna sisindiran di luhur ka asup kana wangun....
a. Rarakitan
b. Wawangsalan
c. Guguritan
d. Paparikan
e. Rarakitan jeung Paparikan
12. Mun ditilik tina eusina sisindiran di luhur kaasup kana...
a. Silihasih
b. Banyol
c. Hereuy
d. Sésébréd
e. Piwuruk
13. Gedong ngambang di sagara Ulah kapalang nyabela Wangsalana.....
a. berang
b. béla
c. layar
d. caang
e. kapal
Semoga bermaanfaat.
Posting Komentar
Click to see the code!
To insert emoticon you must added at least one space before the code.